Album
Kembang Hareupan

Artis
Evie Tamala

Penata Musik
Theo P – Adjie Beno / Yan Ahim

Produksi
Blackboard / PT ASKM

Tahun
2006


Daftar lagu

Side A
Hariwang, cipt. Yayat S
Tunggara, cipt. Evie Tamala
Satia, cipt. Ki Ihin
Asih, cipt. Nano S
Kamana, cipt. Bambang Aranaya
Kembang Hareupan, cipt. Tjutjun/Boy Prabuana
Cinta Dan Harta, cipt. Asep Lesmana
Micinta, cipt. Deddy Odoy
Cinta Ketok Magic, cipt. Nano S

Side B
Cinta Parabola, cipt. Nano S
Duriat Nu Pegat, cipt. Nano S
Kantong Hate, cipt. Yaya Rombeng
Cenah, cipt. Deddy Odoy
Rungsing, cipt. Iin S
Di Utun-Utun, cipt. Nano S
Lalaki, cipt. Wan AS
Cumantel Bae, cipt. Deddy Odoy
Jamparing, cipt. Nano S




Syair Lagu

Tunggara, cipt. Evie Tamala

Kasaha abdi nyalindung nandakeun nguyung, gering ngalanglayung.
Kasaha abdi nya muntang, diri nunggelis hirup nyorangan.
Cuang cieung abdi keueung, gupuy gapay taya pamuntangan.
Cuang ciueng abdi keueung, takdir diri pinganggih kapeurih.
* Engkang rek saati, engkang rek satia. Engkang jalir jangji, luas bibilasan
Engkang bade bela, engkang bade nyaah. Engkang nu sulaya, tega pepegatan.
Cinta engkang saliwatan, asing enkang ukur pupulasan. Cinta engkang nu mawa tunggara


Asih, cipt. Nano S

Munggaran kedal cintana, cenah bumi jeung langit saksina. Tapi bumi langit eta keneh, cintana duka kamana.
Harita tigin jangjina, cenah cinta keur kuring sorangan. Tapi sanggeus hirup babarengan, cintana duka keur saha.
*Cinta, di ayun kaheman di uji tangtungan.
Cinta, rasa was was rasa kangen awor jeng hareupan.
Horeng kitu ari asih, horeng kitu ari cinta. Tepung di rungum mamanis, papisah pinuh kapeurih.
Cinta, digoda ku rupa ku harta ku tahta.
Cinta, jodo pati jeng cilaka takdir ku kersa Na.


Micinta, cipt. Deddy Odoy

Cinta kuring ka anjeuna nu tetep manteng dina rasa duh…..Anjeun nu jadi lamunan, da buktosna emut bae.
Cinta kuring ka anjeuna nu tetep manteng din hate duh…….Anjeun nu jadi impian, da buktosna emut bae.
* Nya anjeun kembang impian, nya anjeun kembang pujaan. Nya anjeun geus bibilasan, nya anjeun luas ikhlas pipisahan.
Nya anjeun kembang impian, nya anjeun kembang pujaan. Nya anjeun geus bibilasan, nya anjeun luas ikhlas pipisahan.
Cinta kuring ka anjeuna ku hanjakal boa laksana. Mungguh geus lain mangsana, cinta geus aya nu boga.


Cinta Parabola, cipt. Nano S

Kapan cinta anu suci tigin jangji milih hiji. Cinta sanes parabola, gunta ganti pilihan kamana mana.
Kapan asih keudah nyata, hate teguh mikacinta. Cinta model jarak jauh, kadang kala hasilna teu pararuguh.
Cinta parabola saliwatan pinuh bagja. Cinta parabola bisa pindah pindah rasa. Anjeun kumalayang kawas heulang, meber jangjang neang nu kabandang.
*Sing ati ati ah tong sologoto ah, ulah pedah ulin langit hate gancang ngait.
Sing ati ati ah tong sologoto ah, memeh resmi rek narima teang heula pribadina
Sing ati ati ah tong sologoto ah, ulah pedah ulin langit hate gancang ngait.
Sing ati ati ah tong sologoto ah, memeh resmi rek narima teang heula pribadina



Kantong Hate, cipt. Yaya Rombeng

Kantong hate dina jero dada. Aya jangji, jangji urang duaan.
Kantong hate dina jero dada. Nyimpen rusiah, rusiah duaan
Kanyaahna, kamelangna. Matri pageuh nyimbutan duriat urang.
Kanyaahna, kamelangna. Nandakeun rasa, cinta duaan.
* Bulan nu nyaangan, bentang nu baranang saksi nyata mimitina cinta urang.
Bulan nu nyaangan, bentang nu baranang ngaping rasa, rasa cinta nu duaan.
Dina kantong hate, cinta ngajangji. Dina kantong hate, rusiah duaan.


Cenah, cipt. Deddy Odoy

Siang wengi abid ngantosan, teu kawawa ku rasa kangen, ku teu kawawa ku rasa sono.
Siang wengi abdi ngantosan, teu kawawa hoyong patepang. Ku teu kawawa hoyong paamprok. Sono……..
Aduh ieung kunaon bet harianeun, kunaon teu ngaraoskeun ieu hate nu leungiteun
Kamana atuh kamana nepikeun katineung rasa, na atuh kedah kamana……….kamana..
Aduh engkang cenah moal teungteungen, cenah moal mopohokeun ieu hate nu leungiteun.
Iraha atuh iraha nepungkeun ku deudeuhna. Nineung ku belana, nineung ku bohongna, nineung ku heureuyna.


Rungsing, cipt. Iin S

Kalimpudan indung peuting nu ngadingding. Rehe simpe taya sora nu sumanding. Lir poekna hate abdi rungsing pusing, gulang guling di kamar nyorangan.
Hawar-hawar ngagelikna sora suling. Jiga-jiga nu ngajakan ngahariring. Ngirim beja, beja hate ti panutan, diri rungsing mikiran nu didagoan.
Poe deui, minggu deui, bulan deui. Taya hibar banglilipur ti manehna.
Kembang-kembang nu nyambuang ngadalingding, kiwari tos ngawitan layu muguran.
Lara diri balas mikiran panutan, batin nyeri taya pisan papadana.


Lalaki, cipt. Wan AS

Dasar ari ngaran lalaki nu kasebut pinter ngarayu. Mun teu telik jeung teu taliti, hate mantak gancang kataji.
Mun nyarita jiga nu enya, mun geus jangji jiga nu pasti. Sakapeung hate sok percaya, jeung sok boga rasa karunya.
Tapi mun ras inget kadiri, anu pernah meunang kanyeri. Balas diri teu ati ati, kana jangji anu teu pasti.
Hate murung sok emung wawuh, hayang buru-buru pajauh jeung lalaki nu model kitu, sebab ahirna nganyenyeuri.


Cumantel Bae, cipt. Deddy Odoy

Langgeng galindeung katineung. Manteg galeuhna kadeudeuh urang. Nu endah mamanis ka asih. Nu endah leahna kanyaah. Nu endah kageugeut kadeudeuh. Duh engkang.
Manjang nyimpayna kaheman. Natrat nyandingna kacinta urang. Nu endah teu weleh mepende. Nu endah nu masket na hate. Nu endah teu weleh cumantel. Duh engkang
* Sanajan urang paanggang, sanajan urang pajauh.
Tapi hate cumantel bae, aduh engkang.
Sanajan urang paturai, sanajan urang papisah
Tapi cinta manteng bae. Teu beunang dihalang-halang. Teu beunang diulah-ulah. Teu beunang dibebenjoken. Aduh engkang.

1 komentar

  1. Unknown  

    Link downloadnya mana gan?

Posting Komentar

 

Recent Posts

Blog Archive

Who is Evieter?

Evieta Lovers

Nada-nada Cinta

Mari dukung Evie Tamala untuk terus berkaya dengan hanya membeli kaset / cd / vcd dan atau dvd yang asli, bukan yang bajakan. Evieter